} />

Minggu, 05 Agustus 2012

Kabayan & Iteung

Kabayan balik gawe,  disambut ku senyum mesra si Iteung
"Kang, Iteung telat sabulan, urang bakal boga orok", ceuk Iteung ka Kabayan.
"Tapi tong beja2 bisi teu jadi.. era".
Poe isukna aya tukang tagih listrik ngetrok panto........................
Pas dibuka, tukang tagih ngomong : "Bu, ibu telat sabulan"
Iteung : "Ti mana bapa terang?"
"Ieu aya catetanna di PLN."
"Haaah, maenya nepi ka aya dina catetan PLN?"

Iteung bebeja ka Kabayan, harita keneh Kabayan  ka kantor PLN bari ambek-ambekan.
"Kumaha ieu teh,  PLN bisa nyaho pamajikan sayah telat sabulan?" Cek Kabayan bari molotot
"Sabar pa, mun Bapa hoyong catetan eta dihapus bapa tinggal mayar  ka kami".
"Mun dewek embung mayar?" Ceuk si Kabayan
"Anu bapa ku kami diputuskeun!", jawab  petugas PLN.
"Gelo, nu sayah rek diputuskeun, pamajikan di imah lamun hayang.... make naon ?"
"Nyaa, wayahna we make LILIN ......!!"
Kabayan: dasar PLN GELO siaaahhhh.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar