Minggu, 05 Agustus 2012
Prinsip hirup urang Sunda
1. Hirup kudu jiga Jagong, ulah jiga Jambu Monyet. Jagong sanajan sikina loba tapi dibungkus rapih, teu jiga jambu monyet, mamerkeun siki anu ngan hiji-hijina...
*Hartina jadi jalma ulah sok pamer.
2. Hirup kudu Jiga Duren ulah jiga Kadongdong. Duren sanajan luarna pinuh ku cucuk, tapi jerona pulen jeung amis, teu jiga kadongdong luarna lemes tapi jerona kasar jeung rasana haseum...
*Hartina alus gorengna jalma teu bisa ditingali luarna wungkul.
3. Hirup kudu jiga Bangkuang. Sanajan aya di jero taneuh nu kotor, tapi eusina bodas beresih.
*Hartina kudu pinter ngajaga diri ulah kapangaruhan ku lingkungan.
4: Hirup kudu jiga buah dada. Dibutuhkeun ku budak, dipikaresep oge ku bapana...
*Hartina urang hirup kudu loba manfaatna. :) :)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar